Dina hiji mangsa, aya hiji kaluarga (Indung jeung budakna 2 urang), keur nganjang ka imah barayana.
Ema : "Beben..." saur ci ema ka budakna anu lalaki (13 taun).
Ema : "Jig wee uih tipayun, ema mah bade ngendong di dieu sareng neng dini, ke uihna enjing."
Golosor wee ci ema teh mere duit Rp. 10.000,- ka ci Beben.
Beben : "Oh nya entos atuh ari kitu mah ma, beben bade uih ti payunnya da enjing Beben sakola enjing-enjing, bilih kasiangan."
Ema : "Enya jig ati-ati dijalanna nya! Enjing nyungkeun bekel sakolana ka ci bapak weeh."
Beben : "Muhun mak."
Beben pamit ka ema jeung ka uwana, tapi pas erek pamit ka adi na (neng Dini, 9 taun).
ci beben ngabibita ka adina....
Beben : "Tah... aa mah dipasihan sapuluh rebu ku ci mamah... weee..." Bari nembongkeun duit kertas Rp. 10.000,-
Neng Dini : "Bae wee, da eta mah jang ongkos bari na ge! yeee...."
Beben : "Yee... da ongkos mah ngan lima rebu ti dieu ka imah mah... berarti aya sesana lima rebu, lumayan jang jajan poe ayeuna hahaaa..... Matakna kudu bisa! Kudu pinter jadi bisa balik sorangan! Jadi bisa boga bati!!! hahaa..."
Neng Dini : "Alahhhh..... kitu wae muni somgbong!!! Urang ge da bisa-lah balik sorangan mah... NGAN SIEUN LEUNGIT!!!"
Beben : !@#$%^&*
*Hahaaa.... leungit kamana atuh neng... ^^a